Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh sawala

Contoh sawala

Contoh sawala
Pasanggiri basa sunda

Rengrengan OSIS SMPN 1 Cikajang, dina poe senen harita keur ngayakeun rapat.
- Panumbu catur : Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka bapa yadi, salaku pembina OSIS, oge ka rengrengan pangurus OSIS SMPN Cikajang. Hapunten nu kasuhun rehna sim kuring parantos ngaganggu kana waktos diajar. ieu sawala teh bade madungdengekeun perkawis Basa Sunda. Namung sateuacanna, kumargi sim kuring mah kirang nyangkem kana basa sunda, kumaha pami sawala ieu teh dipupuhuan ku saderek Wahyu. Margi sim kuring yakin, saderek Wahyu tiasa mingpin ieu sawala. Kumaha satuju nu sanesna, atanapi kumaha pamendak bapa pembina OSIS ?
- Ketua OSIS : "Kanggo sim kuring mah mangga teh teuing mingpin ieu sawala, namung naha nu sanesna satuju?"
-Pangurus OSIS : "Satuju!"
- Wahyu : "Hatur nuhun ka bapa Pembina OSIS oge ka rengrengan pangurusna, nu parantos masihan kapercantenan ka sim kuring kanggo mingpin ieu sawala. Maksad urang ngariung bdi ieu rohangan teh, teu aya sanes bade nyawalakeun perkawis basa sunda nu bade dipasanggirikeun di sakola urang."
- Wulan : "Muhun atuh supados teu nyangkolong teuing kana waktos uarng kawitan we ieu sawala teh!"
- Wahyu :"Hatur nuhun ka saderek wulan, mangga urang kawitan wae ieu sawala teh. Pasanggiri basa sunda teh bade diayakeun ti kaping 10 dugi kaping 25 Oktober. Dupi nu bade dipasanggirikeun, nyaeta lomba biantara, lomba maca sajak, ngadingeng, sareng pupuh. Upami pendaftaran na mah dikawitan ti kaping 10 dugi kaping 18 Oktober ka masing-masing ketua kelas. Saheulaanan dicekapkeun dugi kadieu heula. Mangga nu sanesna bilih aya nu bade mairan?"
- Yuki :"Hatur nuhun, kumaha perkawis panitiana?"
- Wahyu : "Perkawis panitiana mah urang bentuk ayeuna we, kumaha upami ketua pasanggiri teh Wulan, Girang serat na mah iwan, Panata hareta na Yanti, Seksi dokumentasi na salsaa, satuju henteu saderek?"
- Wahyu : "Supados teu lami teuing sawalana, urang tutup wae dugi ka dieu heula, atuh ieu sawala teh ku sim kuring dipasrahkeun deui ka panumbu catur, hatur nuhun."
- Panumbu catur : "Hatur nuhun ka saderek Wahyu, atuh ieu sawala teh ku sim kuring ditutup ku bacaan hamdalah. Wassalamualaikum wr.wb"